Assalamualaikum Wr.Wb
Rerencangan sadayana
Sateuacanna, mangga urang panjatkeun puji syukur ka gusti nu maha suci. Babaturan sadayana anu kusimkuring dipihormat. Dina waktos ieu, abdi bade ngadugikeun biantara anu topikna "Kabersihan Lingkungan".
Hirup sehat teh penting kanggo urang sadayana. Urang teh wajib
ngajaga lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina
sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat kanggo
kapayunna di kawitan ti ayeuna.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun. Anu hartosna
"Kabersihan teh sabagian tina iman". Tina hadits eta, urang tos
ngartos maksud sareng tujuana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman
dina jero hate urang. Upami urang sadayana iman ka Allah, berarti urang kudu
bersih jeung suci tina sagala kokotor boh eta hadas alit atawa hadas ageung, nu
nyebabkeun urang teu suci. Bersih eta, sadaya anu di dasarkeun tina bersihna
jeung sucina urang sareng lingkungan disakitar urang. Kabersihan sakola
oge kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu
bersih.
Kabersihan teh aya loba macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih
jiwa, bersih raga, serta bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu ka
asup kana jalma anu bersih sadayana. Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup
sehat kanggo ka saean urang sadayana.
Sakitu anu simkuring dipihatur, hapunten upami aya kasalahan.
Wassalamualaikum Wr.Wb
Wassalamualaikum Wr.Wb









0 komentar:
Posting Komentar